PENJARA KELAS ATAS

Posted: 13 Januari 2010 in Uncategorized

Jang Gotan                   :     Maaaaaannnnnnnnggggggg….. abi hoyong dipenjara…….

Enjing keneh Jang Gotan geus nyamperkeun Mang Kaning dina Jolodog imahna.

Mang Kaning                 :     Kurang ajar…. siah teh eling teu?

Jang gotan                   :     Ih si Emang mah, dipenjara teh enakeun, lewih enek batan di hotel berbintang dua, sareng bisa karaokean malah……..

Mang Kaning                 :     Ngaco siah mah, dimana-mana oge nu namina penjara the kawas kandang hayam, tebih tina nu namina enakeun teh.

Jang Gotan                   :     Mang nonton TV atuh, penjara ayeuna mah leuwih hade batan hotel berbintang tiga……. Duh iraha nya Ujang tiasa ngasaan penjara eta teh.

Mang Kaning                 :     Wuzzzzzh eta mah sanes penjara Jang? eta teh nu disebat  “Hotel Prodeo”  tea….

Jang Gotan                   :     Mahal atuh Mang nya???

Mang Kaning                 :     Ya iyalaaaahhhh, sareng nu tiasa ka dinya teh penjahat nu berpangkat, gaduh acis bertingkat-tingkat jeung kenal sareng para pejabat …. Sanes jiga urang-urang atuh Jang?

Jang Gotan                   :     Ngenah pisan atuh Mang janten “jalma gedean” mah nya Mang?

Mang Kaning                 :     Matakna Jang Gantungkeun cita-cita teh satinggi bentang di langit, tong satinggi bentang di pundak.

Bari nyarios kitu teh Mang kaning ngabalieur bari ngaleos ka pipir imah…….

Tinggalkan Balasan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Ubah )

Connecting to %s